Assalamualaikum...Selamat datang di http://wilyhikaru22.blogspot.com/. Semoga tulisan yang saya buat bermanfaat bagi teman-teman semua :)

Followers

Friday, 3 May 2013

Kujang : Senjata Tradisional Urang Sunda


Kujang nyaéta hiji pakarang nu mandiri nu asalna ti wewengkon Jawa Kulon. Kujang munggaran dijieun kira-kira abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, waja sarta bahan pamor, panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm sarta beuratna kira-kira 300 gram.
Kujang mangrupa pakakas anu ngagambarkaeun kaseukeutan sarta daya kritis dina kahirupan ogé perlambang kakuatan sarta wawanén pikeun nangtayungan hak sarta ngadegkeun bebeneran. Dina jaman bihari pakakas ieu ngan dipaké ku golongan tinangtu nyaéta para raja, prabu anom, golongan pangiwa, panengen, golongan agamawan, para putri sarta golongan kaum wanoja pinilih, sarta para kokolot.
Dina Wacana sarta Khasanah Kabudayaan Nusantara.
Sabagian nu naliti nyébutkeun yén istilah Kujang asalna tina kecap Kudihyang jeung akar kecap Kudi sarta Hyang. Kujang (ogé) asalna ti kecap Ku Ujang, anu hartosna lalaki nu geus sawawa tur di percaya kunu di pikolot keur nyekel hiji perkara (jadi paminpin).
Mapay laratan naon ari kujang nu jadi pakakas tradisional masyarakat étnis Sunda tur sohor ka sakuliah nagri, ogé dipercaya ngabogaan hiji kakuatan magis sarta ngandung nilai-nilai filosofi manusa Sunda, kaitung rada hésé pikeun nyieun hiji kacindekan nu bisa ngabeungkeut sadaya kamandang tur panemu ti para sepuh nu gumulung dina sora-sora kasundaan. Kalih ti kitu, arangna pabukon Sunda nu ngaguar kujang, janten lantaran héséna pikeun dijadikeun hiji acuan.

Ujaring carita ti para sepuh nu kapapay ti sababaraha wewengkon di Tatar Sunda nu lega, kujang téh mibanda wanda, harti, jeung guna nu jembar. Wanda kujang nu saéstu wiwitna kailhaman ku alat pertanian nu dipaké di Tatar Sunda ti abad ka-4 nepi ka-7 Maséhi, tur kujang dina mangsa harita dipaké pikeun pakakas jeung pakarang dina hirup kumbuh sapopoé. Anapon kitu, kujang wanda anyar nu gelar ti bihari nepi ka kiwari nu dijieun kalayan endah tur dibéré muatan filosofis nu luhung, awitna dijieun ku para panday kawentar, diantarana nya éta Mpu Anjali, Mpu Anjani, Mpu Windusarpo, Mpu Ramayadi, jeung Mpu Mercukundo, dupi kujang wanda harita leuwih loyog kana pusaka tibatan pakakas atawa pakarang.

Dina jaman karajaan Pajajaran nu dipingpin ku Prabu Kuda Laléan, kurang leuwih abad ka-12 Maséhi, wanda kujang nu gelar ngagambarkeun wangun Pulo Jawa sarta ngabogaan 3 liang nu dijieun ku Mpu Windu Supo, luyu jeung implengan Sang Prabu. Wanda kujang mangsa harita nétélakeun ayana sifat-sifat mistik jeung filosofi spiritual nu mibanda hiji kakuatan gaib nu bisa nepikeun amanat ka generasi nu bakal datang sangkan salalawasna bisa ngantengkeun implengan generasina nu museur ka Karajaan Pajajaran. Wanda kujang nu mangrupa wangun Pulo Jawa saéstuna nétélakeun ayana hiji cita-cita pikeun ngahijikeun karajaan-karajaan leutik di Pulo Jawa jadi hiji karajaan gedé nu dipingpin ku Karajaan Pajajaran. Demi liang 3 dina waruga kujang netelakeun lambang Trimurti nya éta Brahma, Wishnu, jeung Shiwa; tilu aspék kayakinan tina agama Hindu nu jadi kayakinan Prabu Kuda Laléan. Di sagigireun ti éta, liang 3 dina waruga kujang ogé ngagambarkeun ayana 3 karajaan lulugu di Pulo Jawa dina mangsana harita, nya éta Karajaan Pengging Wiraradya nu perenahna béh wétan Pulo Jawa, Karajaan Kambang Putih nu perenahna di béh tengah Pulo Jawa; jeung Karajaan Pajajaran nu perenahna béh Kulon Pulo Jawa.

Nalika pangaruh ajaran agama Islam tumuwuh di Tatar Sunda nu dijejeran ku Prabu Kian Sangtang, putra Prabu Siliwangi nu mingpin Karajaan Pajajaran mangsa harita, wanda kujang diropéa deui kalayan nyandak wangunan mangrupa huruf “Syin” nu jadi aksara mimiti dina kalimah syahadat; ana pihartieunana nya éta sing saha baé nu ngagem pusaka kujang mangsa harita sarua jeung geus sanggup ngucapkeun sumpah kalimah syahadat nu nyakséni ayana Alloh anu Mahatunggal sarta Nabi Muhammad salaku utusana-Na. Lian ti éta, 3 liang kujang nu jadi perlambang Trimurti digantikeun ku 5 liang nu jadi perlambang lima tihang dina ajaran Islam (rukun Islam). Nya ti mangsa harita pisan istilah “Sunda Wiwitan Islam” gelar, nu ngandung hartos urang Sunda ngawitan ngagem agama Islam.

Kujang nu miboga sababaraha wanda cara nu kaungkab di luhur, masih kénéh bisa kasaksén di sababaraha tempat di sakuliah nagri, awit nu aya di para sepuh nu masih kénéh mikukuh talari paranti, museum, atawa tempat koleksi lianna.

Kiwari, kujang ngan kari waasna sabab teu loba nu bisa nyieun kujang kalayan bahan jeung cara nyieunna nu luyu jeung tatacara nu ilahar dina nyieun pakakas buhun. Kujang kiwari nu kapanggih, lolobana dijieun tina bahan saayana tur wandana teu nyumpunan pikeun dijadikeun kareueus nu nyekelna.
Transformasi hiji wanda kujang tina ngaran anu dipakena. Geus jadi sabiwir hiji yen kujang teh kaasup pakarang tradisional bangsa Sunda, hal ieu katangen dina sababaraha ngaran anu jadi cirina saperti ngaran pabrik Semen Kujang, pabrik gemuk Kujang, ngaran hiji batalyon tentara ti Divisi Siliwangi. Kitu deui kujang dijadikeun lambang Propinsi Jawa Barat. Atuh teu kaliwat aya ngaran-ngaran patempatan anu make sesebutan kujang saperti Parungkujang, Cikujang, Kujangsari jeung Parakankujang. Hal ieu leuwih mere kapastian yen kujang teh enya pakarangna bangsa Sunda.
Anapon rupa-rupa kujang nu di guar ku par ahli nyaéta
  • Kujang Ciung
  • Kujang Jago
  • Kujang Kuntul
  • Kujang Naga
  • Kujang Wayang
  • Kujang Bangkong

Kujang Ciung
Kujang Ciung kaasup wanda pakarang anu dasarna tina wujud arit (sickle) hal ieu digambarkeun dina pola dasar dua arit (sickle) nu patukangtonggong.
Kujang Ciung, tangtuna saluyu jeung ngaran nyaeta kujang anu meh sarimbag jeung wangun manuk ciung, sedengkeun ma’na simbolisna yen ciung teh kaasup mahluk kahyangan nu boga sifat cerdas jeung gagah salian ti eta sesebutan ciung kawentar dina carita Ciung Wanara. Kujang Ciung dipake ku para raja, tohaan atawa putra mahkota jeung ku para brahmesta.

Kujang Jago
Kujang jago pola dasarna tina arit jeung beulah kupat atawa langlayangan. Antara kujang ciung jeung kujang jago teu loba bedana, keur pangbeda nyaeta dina congo anu beda nyanghareup atawa beda ngelukna. Kujang jago nyokot tina wangun hayam jago, hal ieu ge aya pakaitna jeung carita Ciung Wanara anu nyaritakeun ngadu hayam jago. Kujang jago ngalambangkeun kawani malah disebut simbol balapati (pasukan inti karajaan), dipakena ku lulugu perang. Wangunna kaitung leutik asup kana banda pusaka atawa jimat.

Kujang Kuntul
Kujang kuntul pola dasarna tina tina sababaraha jajaran genjang nu disambungkeun sedengkeun kujang bangkong tina jajaran genjang tunggal nu leuwih gede.

Kujang Naga
Nu rada unik nyaeta kujang naga sabab ieu mah gabungan tina wangun jurutilu (segitiga) nu patukangtonggong. Nu kawilang aheng nyaeta kujang naga, geus mindeng kareungeu yen naga teh mahluk kahyangan ayana ngan ukur dina mitologi. Kujang naga leuwih gede jeung lamun ditingali matak pikapaureun sabab ruruhitna atawa siih leuwih kaciri. Kujang ieu simbol tina kagagahan, dipake ku para jaro jeung para kanduru


Kujang Wayang
Kujang wayang pola dasarna leuwih nyoko kana wangun buleud. Kujang Wayang, leuwih loba kapanggih dina wangun wayang awewena, hal ieu simbol kasuburan, tur kujang nu kaasup kujang pangarak. Wayang nu jadikeun dasarna wangun kujang leuwih nyoko kana wayang kulit.

Kujang Bangkong
Kujang bangkong, dicokotna tina wangun bangkong, kujang ieu leuwih nyoko kana kagunaan praktis, pikeun dipake sapopoe jeung ayana di rahayat biasa lain menak atawa ningrat katurunan raja.

No comments:

Post a Comment